Text
Jamparing Carita Umbaran Lima Sohib Wanoja
Novel nyaéta karangan fiksi nu némbongkeun kahirupan sapopoé, jalan
caritana miboga bagian-bagianna tapi angger gumulung dina hiji leunjeuran,
dina eusi carita digambarkeun watek palaku, suasana, waktu, jeung tempat
lumangsungna kajadian. Tapi dumasar pangalaman empiris, maca pikeun
barudak lain hal nu ngirut, nepi ka teu bisa nyangkem eusi carita. Ku kituna,
tujuan tina ieu panalungtikan nyaéta ngadeskripsikeun struktur carita dina
novel rumaja Jamparing karya Chye Retty Isnendes. Sarta nataan ajén-ajén
étnopédagogik nu nyangkaruk dina éta novél. Pikeun ngalaksanakeun
panalungtikanna panalungtik ngagunakeun métode deskriptif analitik.
Nyatana panaluntik ngadeskripsikeun naon-naon waé nu kapangih dina
panalungtikanana. Kalayan tehnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data
nyaéta teknik studi pustaka. Mangpaat tina ieu panalungtikan dipiharep bisa
mantuan siswa dina nganalisis struktur carita, sangkan siswa bisa maham
eusi carita. Sarta dipiharep bakal ngajembaran pangaweruh masarakat kana
kasastraan hususna dina ulikan struktural jeung étnopédagogik. Tur bisa jadi
pangdeudeul pikeun panalungtikan nu sawanda. Hasil tina ieu panalungtikan
nyaéta analisis struktur nu ngawengku téma nyaéta sosobatan lima wanoja,
dina fakta carita kapaluruh galurna maju, tokoh jumlahna aya 28, latar
tempat aya 33, latar waktu 28, latar suasana 31. Sarta sarana carita aya judul
nyaéta Jamparing, sudut pandang jalma katilu jeung gaya basa nu basajan.
Dina étnopédagogik aya 12 Ajén nu kapaluruh. Panglobana kapaluruh ajén
bener, nu jumlahna 13. Kadua ajén pinter jeung silih asih jumlahna sarua 11.
Tuluy nu kapaluruh sakali, sineger tengah. Ajén séjénna: hurip, waras jeung
cageur (2), bageur (2), ludeung (3), silih asah (4), silih asuh (3), singer (3).
motékar (4), jeung rapékan (2).
FIK00050S | 8X0.2 ISN j | My Library (800 (Pengetahuan Kesustraan)) | Tersedia |
FIK00051S | 8X0.2 ISN j | My Library (800 (Pengetahuan Kesustraan)) | Tersedia |
FIK00063S | 8X0.2 ISN j | My Library (800 (Pengetahuan Kesustraan)) | Tersedia |
FIK00064S | 8X0.2 ISN j | My Library (800 (Pengetahuan Kesustraan)) | Tersedia |
Tidak tersedia versi lain